Aya dua dunya awewe dina kumpulan carpon Risnawati, Hate Awewe: dunya nu ngulibek di sabudeureun imah (masalah-masalah konvensional-domestik), jeung dunya nu leuwih jembar di luareun imah (masalah-masalah inkonvensional-mutahir). Ku Risna, bahan-bahan mentah nu nyampak di eta dua dunya diolah – tina ‘wangwangan’ jeung ‘sawangan’ kajiwaan awewe, malum da pangarangna awewe – kalawan tehnis nulis dina basa Sunda nu tapis. Carpon-carpon Risna nu ditulis dina taun 1995-2005 ieu dibeungkeut ku hiji ’tema’: psikologi kaum Hawa.