Lamun tea mah aya tilu ideologi anu rebut tawar dina eta novel, sacara naratif mah novel Lain Eta mengmeunangkeun agama. Tapi, lain agama anu pragmatis cara nu katembong dina rengkah paripolah indungna Neng Eha, lain agama anu leterlek saperti nu dipraktekkeun ku Juragan Kalipah, tapi ruh agama anu leuwih deukeut kana tasawuf. Kapan, waktu Neng Eha ditanya kunaon can keresa boga salaki deui, jawabna teh, "Kieu keur dikadarkeunana, teu tiasa ngalangkungan Nu Kawasa. Ka payun kari kumaha Nu Ngersakeun." – Teddi Muhtadin