Dina ieu buku dimuat carita wayang carangan, tapi dina tradisi wayang kulit Cirebon, sanajan ditulisna dina basa Sunda (wayang kulit Cirebon dipintonkeunana maké basa Cirebon). Dina wayang kulit purwa Cirebon, Semar katut anak-incuna jumlahna salapan. Jadi leuwih réa manan dina wayang golék purwa Sunda, anu anak Semarna ngan aya tiluan: si Cépot, Dawala jeung Garéng. Dina wayang kulit purwa Cirebon mah anak Semar téh salian ti anu tilu, aya Sekarpandan atawa Curis, Ceblok, Cungkring atawa Pétruk, Bitarota, jeung Bagalbuntung. Garéng jeung Bagalbuntung mah disebutna lain anak Semar, tapi incuna.
Cara umumna carita carangan ditempatkeunana dina mangsa saméméh perang Baratayuda tapi nagara Amartapura geus ngadeg. Ari kasangtukangna mah réa dumasar kana rupa-rupa hal anu aktual, da saenyana wayang téh apan jadi salah sahiji sumber babandingan pikeun anu lalajona dina nyanghareupan hirup dina jamanna.