Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari kacida mekarna jeung kacida pentingna. Nu raresep kana sajak, hususna di kalangan para rumaja, prah di mana-mana. Kagiatan-kagiatan sabangsaning maca sajak atawa déklamasi, anu diayakeun ku siswa-siswa sakola lanjutan atawa anu diayakeun ku pakumpulan kasenian di masarakat, geus méh jadi kailaharan.
Ieu buku, anu eusina disusun kalawan ringkes, diusahakeun sangkan susunan jeung basana bisa populér, ditujulkeun pikeun panganteur aprésiasi sajak Sunda di sakola-sakola lanjutan, atawa pikeun saha baé anu mikaresep jeung aya karep kana sajak hususna jeung kana sastra umumna. Atuh galeuh-galeuhna bisa jadi pangjurung kana subur jeung mekarna minat neuleuman sastra Sunda.