Rajapati di Pananjung ngagambarkeun kajadian rajapati di tempat wisata Pananjung, Pangandaran, waktu aya rombongan para pamuda datang ka dinya. Yoyo, salah saurang di antarana, papanggih jeung urut kabogohna anu geus kawin jeung nu sejen. Waktu keur paduduaan, urut kabogohna teh mulangkeun ali nu dibikeun ku Yoyo ka manehna baheula. Eta ali ku Yoyo dibikeun deui ka kabogohna nu ayeuna ngilu piknik ka Pananjung. Tapi salaki urut kabogohna maksa menta deui eta ali nepi ka der jadi papaseaan. Isukna kakara kanyahoan sihoreng salaki urut kabogohna teh aya nu maehan. Dina gaya basa anu hegar jeung pinuh ku rasa humor, Ahmad Bakri, kalawan tapis ngawangun plot caritana nepi ka ngahudang kapanasaran nu macana.