Ngawadalkeun Nyawa minangka karya Moh. Ambri nu panghadéna, lantaran dina ieu roman katempo yén Ambri terang pisan kana alam pikiran urang Sunda jeung tradisi Islam anu geus nyerep dina kahirupan urang Sunda. Dina ieu roman ogé, kaciri kabeungharan imajinasi Ambri, di antarana, nalika ngalukiskeun kaayaan imah Ki Sudagar (ieu sudagar téh anu nurunkeun Nyi Sarimaya, istri anu jadi paragatama [tokoh utama] ieu roman—anu ngurbankeun manéh keur hirupna carogéna). Kaciri deuih kawanoh nu jero Ambri kana alam pikiran para kyai (ajengan) nalika anjeunna nyaritakeun Ki Datawardaya (minantu Ki Sudagar) anu milarian calon carogé keur Nyi Sarimaya. Sacara tapis ku Ambri dipesék yén henteu sakabéh anu nyuprih élmu kaagamaan di pasantrén téh karana Allah, réréana mah malah boga niat keur kapentingan sorangan.