Si Kasja ngejat. Mimitina mah dicarékan ku bapana, tapi bet kalepasan, nepi ka diteunggeulna pisan. Ari geus karuhan anakna minggat mah, Bapa Si Kasja teu burung kaduhung, terus baé ditéangan. Tapi sanggeus sababaraha poé, lebeng euweuh raratanana. Tungtungna Bapa Si Kasja gering, nepi ka maotna. Sanggeus ditinggalkeun ku salakina, Bi Arwiah hirup kadua anakna, Si Inén. Pagawéanana ukur buburuh, néangan sahuap-sakopeun. Sawah geus euweuh, urut mulasara salakina. Kumaha atuh nasib Si Kasja? Naha hirup kénéh atawa geus maot? Sudagar Batik, ngagambarkeun kasarakahan manusa enggoning ngudag kasenangan dunya. Dina ieu buku, Ahmad Bakri kalawan tapis ngagambarkeun rupaning pasualan hirup dina suasana pilemburan. Ditulis ku basa nu lancar, sakapeung diselapan humor.