Pencarian

Brand
Kiblat
Format
Soft Cover
Bahasa
Indonesia


Hasil: 41 - 60 dari 66
GRIDLIST
41.
No Image Available
Soft Cover Rp. 20.000 Rp. 16.000 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
42.
No Image Available
Soft Cover Rp. 45.000 Rp. 36.000 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
43.
Imutna Nu Panungtung oleh Ahmad Bakri
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Imutna-nu Panuntung nyaritakeun tokoh Sukardi mangmilihkeun pisalakieun keur adina. Nabehna boga anggapan yen pisalakieun keur adina teh kudu anu geus jeneng,boga gajih gede,atawa beunghar, bageur,jeung jegud deuih kolotna.Jadi,lain ukuran kabeungharan jiwa tapi kabeungharan dunya-barana ieu nu nganjrek dina imah Sukardi nu geus boga pamajikan,Tinah, lantaran duanana geus teu boga kolot deui-geus aya pakait-pikir jeung batur sakolana,sapuk rek ngawangun rumah Tangga ...
44.
No Image Available
Si Cepot Hayangeun Kawin oleh Ajip Rosidi
Soft Cover Rp. 10.000 Rp. 8.000 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Dina ieu buku dimuat carita wayang carangan, tapi dina tradisi wayang kulit Cirebon, sanajan ditulisna dina basa Sunda (wayang kulit Cirebon dipintonkeunana maké basa Cirebon). Dina wayang kulit purwa Cirebon, Semar katut anak-incuna jumlahna salapan. Jadi leuwih réa manan dina wayang golék purwa Sunda, anu anak Semarna ngan aya tiluan: si Cépot, Dawala jeung Garéng. Dina wayang kulit purwa Cirebon mah anak Semar téh salian ti anu tilu, aya Sekarpandan ...
45.
No Image Available
Perawan Jeung Dedemit oleh Yus Rusamsi
Soft Cover Rp. 15.000 Rp. 12.000 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Parawan jeung Dedemit teh kumpulan carpon beunang Yus Rusamsi: "Parawan", "Di Setatsion" jeung "Dedemit". Cara dina roman-romanna Dedeh jeung Randa Bengsrat, carpon-carpon dina ieu kumpulan ngagambarkeun suasana kajiwaan para to-kohna. Dina "Parawan" dicaritakeun dua parawan nu kagolongkeun goreng rupa tur geus kaitung kolot. Maranehna ngarasa ha-riwang lamun henteu meunangkeun jodo. Maranehna ngagugat masarakat nu nempatkeun awewe dina posisi pasif: teu ...
46.
No Image Available
Si Demplon oleh Guy de Maupassant
Soft Cover Rp. 16.000 Rp. 12.800 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Karéta kuda anu mawa sapuluh panumpang (Si Démplon sarta salapan urang wawakil kaum borjuis Prancis nu minggat ti Rouen, nu ditalukkeun ku tantara Prusia, ka Le Havre) ditahan di hiji panginepan di Désa Totes, bari henteu dibéré katerangan ngeunaan sabab-musababna. Karék sabada dua poé, Si Démplon awéwé bangor nu pangawakanana donto nyarita yén maranéhna ditahan di éta panginepan téh nepi ka Si ...
47.
No Image Available
Laleur Bodas oleh Samsu
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Basri hahadéan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur Duni, maranéhna bet merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Basri haben diganggu maké rupa-rupa jalan. Sa­je­roning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti "Laleur Bodas", tepi ka manéhna remen salamet tina laku jahat panggawé deungeun. Saha ari "La­leur Bodas" téh? "Laleur ...
48.
No Image Available
Pamanahrasa oleh Yoseph Iskandar
Soft Cover
Stock tidak tersedia
49.
No Image Available
Lain Eta oleh Moh. Ambri
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Lamun tea mah aya tilu ideologi anu rebut tawar dina eta novel, sacara naratif mah novel Lain Eta mengmeunangkeun agama. Tapi, lain agama anu pragmatis cara nu katembong dina rengkah paripolah indungna Neng Eha, lain agama anu leterlek saperti nu dipraktekkeun ku Juragan Kalipah, tapi ruh agama anu leuwih deukeut kana tasawuf. Kapan, waktu Neng Eha ditanya kunaon can keresa boga salaki deui, jawabna teh, "Kieu keur dikadarkeunana, teu tiasa ngalangkungan Nu Kawasa. Ka payun kari kumaha Nu ...
50.
No Image Available
Lelaki dari London oleh Georges Simenon
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Bertahun-tahun Maloin menjalankan hari-harinya bekerja sebagai juru wesel kereta api, di Dieppe, sebuah kota kecil di tepi laut, di utara Prancis. Rutinitasnya tergoncang ketika pada suatu malam, dari menara tempatnya bertugas, dia menyaksikan pembunuhan memperebutkan sebuah tas berisi uang. Sang pembunuh, seorang lelaki dari London, menjadi bayang-bayang yang menakutkan bagi Maloin. Beban hidupnya yang sulit membuat anak perempuan Maloin juga harus ikut bekerja membanting tulang, sementara ...
51.
No Image Available
Pertaruhan Jiwa oleh Georges Simenon
Sejak awal, penyelidikan berjalan pada jejak yang sengaja dikacaukan. Itulah yang membuat Heurtin, seorang pemuda lugu dan miskin, ditangkap dan dijatuhi hukuman mati atas tuduhan membunuh secara sadis Nyonya Henderson, seorang janda kaya raya, beserta pengurus rumah tangganya. Apakah benar dia pembunuhnya? Sebuah rencana cerdik digelar Komisaris Maigret untuk mengungkap misteri ini. Heurtin sengaja diberikan kesempatan melarikan diri dari penjara, lolos dari tiang gantungan. Dan dalam ...
52.
No Image Available
Tri Tangtu di Bumi oleh Yoseph Iskandar
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Tri Tangtu di Bumi mangrupa roman sajarah nu ngagambarkeun pangalaman Pamanah Rasa, putra Prabu Déwa Niskala ti Kawali, nu ngumbara ka kalér, nikah ka Nyi Ambetkasih tuluy ka Putri Subanglarang nu ngalahirkeun Walangsungsang, Larasantang, jeung Sangara nu ngagem agama Islam milu ka indung. Pamanah Rasa ogé dipulung mantu ku Prabu Susuktunggal di Pakuan. Malah waktu aya pakétrok paham antara mitoha jeung bapana, Pamanah Rasa nu geus diangkat jadi Prabu Anom di Pakuan, ...
53.
No Image Available
Kembang-Kembang Petingan oleh Holisoh M.E.
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Nu didongéngkeun dina buku ieu téh urut awéwé bangor. Ari pangna kungsi jadi ungkluk pédah sa­lakina kawin deui ka ungkluk. Tepung jeung lalaki ngaran Handi, "langgananana" baheula. Terus kawin dijadikeun pamajikan anu kadua, minangka jalan sangkan jadi jelema bener. Ngan hanjakal, lingkunganana anu anyar henteu narima aya urut ungkluk di dinya. "Holisoh geus hasil ngagambarkeun sapotong kahirupan anu ngajak nu macana leuwih ...
54.
Wastu Kancana oleh Yoseph Iskandar
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Kalayan tapis Yoséph Iskandar geus hasil ngahirupkeun deui pangalaman Wastu Kancana sanggeus ibu ramana sareng Citraresmi tiwas  di Palagan Bubat. Kalayan alpukah pamanna, Mangkubumi Bunisora Suradipati anu dijenengkeun jadi Ratu Sunda—nyuluran putra-makuta anu can sawawa, Wastu Kancana dikirim ka Mandala Binayapanti, pikeun digodog jadi satria utama jeung taméng nagara Sunda. Tapi waktu terangeun yén kulawargana geus ngemasi pati alatan ditipu ku Gajah Mada, ...
55.
No Image Available
Teu Tulus Paeh Nundutan oleh Ki Umbara
Soft Cover Rp. 21.000 Rp. 16.800 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Dina kumpulan carpon Teu Tulus Paéh Nundutan, kapidangkeun dalapan carpon nu ngagambarkeun kaayaan urang Sunda dina nyanghareupan pasualan kahirupanana. Upamana, nu hayang lulus ujian kalah ka datang ka kuburan, nu hayang beunghar kalah ka muhit dedemit. Dina ieu buku katémbong tarékah Ki Umbara pikeun nyebarkeun da’wah Islam. Pangarang nétélakeun yén manusa mah leuwih punjul ti batan siluman-sileman. Saperti dina carpon “Mang Merebot ...
56.
No Image Available
Hate Awewe oleh Risnawati
Soft Cover Rp. 45.000 Rp. 36.000 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Aya dua dunya awewe dina kumpulan carpon Risnawati, Hate Awewe: dunya nu ngulibek di sabudeureun imah (masalah-masalah konvensional-domestik), jeung dunya nu leuwih jembar di luareun imah (masalah-masalah inkonvensional-mutahir). Ku Risna, bahan-bahan mentah nu nyampak di eta dua dunya diolah – tina ‘wangwangan’ jeung ‘sawangan’ kajiwaan awewe, malum da pangarangna awewe – kalawan tehnis nulis dina basa Sunda nu tapis. Carpon-carpon Risna nu ditulis dina ...
57.
No Image Available
Ajar Kutamangu oleh Yoseph Iskandar
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Ajar Kutamangu nyaritakeun pangalaman Ajar Kutamangu adina Pamanahrasa di karajaan Talagamanggung, di wewengkon Talaga, salah sahiji kacamatan di Majaléngka ayeuna. Di ieu karajaan, Ajar Kutamangu mantuan Simbarkancana putri raja Talagamanggung numpes komplotan anu maéhan ramana. Singhoréng éta komplotan téh diluluguan ku carogé sang putri sorangan. Ajar Kutamangu téh salah sahiji novel tina ranggeuyan novel sajarah karya Yoséph ...
58.
No Image Available
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Walon Pangéran Dipanegara, "Urang karumpul di dieu téh keur musawarat, lamun tékad anjeun kitu, sarua baé jeung nipu ka jalma anu dibawa musawarat ku anjeun."  … babadamian gagal. Jéndral de Kock nangtung tuluy maréntah ka opsirna supaya nangkep Pangéran Dipanegara jeung sakabéh pangiringna. Pangéran Dipanegara tuluy lungsur ti gedong permusawaratan diiringkeun ku opsir Walanda. Saenyana hal ieu téh ku ...
59.
No Image Available
Duriat oleh Saini K.M.
Soft Cover Rp. 24.000 Rp. 19.200 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Basa Si Tatang nikahkeun anakna nu cikal, Ema jeung akina barudak ka Balé Umpak. Sanajan geus réa nu robah, sanajan tampian geus ditémbok jeung pancuranana maké keran sagala, ari batu jodo mah aya kénéh, tetep saperti baheula. Ema teu terang, naha masih kénéh sok aya jajaka nu neundeun tanda katineungna di dinya. Naha éta batu téh pantes kénéh disebut batu jodo atawa henteu? Sanajan kitu, Ema jeung akina barudak ...
60.
No Image Available
Prabu Wangisutah oleh Yoseph Iskandar
Soft Cover
Stock tidak tersedia
Prabu Wangisutah, roman sajarah nu ditulis dumasar kana naskah-naskah Pangéran Wangsakerta, terasna tina Wastu Kancana (Pusat Studi Sunda, 2012).  Sabada mulang ka Kawali, Wastu Kancana teu puruneun gancang-gancang diistrénan jadi papayung nagri, jeneng ratu jadi prabu. Sabab nurutkeun anggapanana jadi raja Sunda téh teu gampang. Kudu tanggoh dina wates bebeneran mun hayang raharja sapangeusi alam dunya. Waktu dicaritakeun ngeunaan hubunganana jeung putri Maharesi ...