Nu didongéngkeun dina buku ieu téh urut awéwé bangor. Ari pangna kungsi jadi ungkluk pédah salakina kawin deui ka ungkluk. Tepung jeung lalaki ngaran Handi, "langgananana" baheula. Terus kawin dijadikeun pamajikan anu kadua, minangka jalan sangkan jadi jelema bener. Ngan hanjakal, lingkunganana anu anyar henteu narima aya urut ungkluk di dinya.
"Holisoh geus hasil ngagambarkeun sapotong kahirupan anu ngajak nu macana leuwih ngama’lum kana kahirupan batin jelema-jelema anu disebut runtah atawa rereged masarakat."
- Ajip Rosidi