Dina ieu buku dimuatkeun dua karya Utuy Tatang Sontani ngeu-naan Sang Kuriang. Dina bagian kahiji, dijudulan "Sang Kuriang", mangrupa libreto dua babak. Libreto teh teks la-guaneun dina opera. Jadi lamun Sang Kuriang dipintonkeun kudu bari dika-wihkeun, cara dina gending kares-men. Ari dina bagian kadua, dijudulan "Sangkuriang Dayang Sumbi" mangrupa drama tilu bagian. Dina Sang Kuriang Utuy mah, Sang Kuriang ngalamar indungna téh ku sabab manehna jadi henteu percaya kana beja ti nu lian kaasup ti indungna, da manehna ngan yakin kana pamanggihna sorangan. Cin-dekna dina "Sang Kuriang" rea bédana jeung "Sangkuriang Dayang Sumbi". Duanana ngagambarkeun barobah-na tapsiran Utuy ngeunaan dongeng Sang Kuriang.