Dina kumpulan carpon Teu Tulus Paéh Nundutan, kapidangkeun dalapan carpon nu ngagambarkeun kaayaan urang Sunda dina nyanghareupan pasualan kahirupanana. Upamana, nu hayang lulus ujian kalah ka datang ka kuburan, nu hayang beunghar kalah ka muhit dedemit. Dina ieu buku katémbong tarékah Ki Umbara pikeun nyebarkeun da’wah Islam. Pangarang nétélakeun yén manusa mah leuwih punjul ti batan siluman-sileman. Saperti dina carpon “Mang Merebot Dipinangsaraya”, tokoh nu pangkatna ukur merebot, bisa meruhkeun babanténg karajaan di nagara siluman nu rék ngaraponan manéhna. Ku kituna, merenah pisan upama Ki Umbara kasohor minangka sastrawan Sunda nu ngabaladah génre sastra da’wah.