Pencarian

Brand
Kiblat
Format
Soft Cover
Bahasa
Indonesia


Hasil: 21 - 40 dari 66
GRIDLIST
21.
No Image Available
Ngawadalkeun Nyawa oleh Moh. Ambri
Soft Cover, September 2014
Stock tidak tersedia
Ngawadalkeun Nyawa minangka karya Moh. Ambri nu panghadéna, lantaran dina ieu roman katempo yén Ambri terang pisan kana alam pikiran urang Sunda jeung tradisi Islam anu geus nyerep dina kahirupan urang Sunda. Dina ieu roman ogé, kaciri kabeungharan imajinasi Ambri, di antarana, nalika ngalu­kiskeun kaayaan imah Ki Sudagar (ieu su­da­gar téh anu nurunkeun Nyi Sarimaya, istri anu jadi para­gatama [tokoh utama] ieu roman—anu ngurbankeun ...
22.
No Image Available
Kembang Patapan oleh Syarif Amin
Soft Cover, Maret 2014 Rp. 23.000 Rp. 18.400 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Geulis keur rumaja putri. Acining geulis ieu mah. Teu butuh ku ditataan kageulisanana, lantaran geulis ka batin-batinna. Lain geulis galur pantun, nu sok disebut waosna gula gumantung, halisna ngajelér paéh... tapi geulis nu kacipta dina sipating manusa. Nelah Kembang Patapan. Payus disebut madu kayungyun nu matak giung teh.  Matak uruy ku ampuhna, kabita ku jatnikana. Geulis bari teu ngarasa geulis deuih. Pinterna bari teu rumasa bisa, jajauheun kumagungan ieu aing. Bubuhan ...
23.
No Image Available
Senapati Balangantrang
Intrik jeung barebedan pulitik di Galuh
oleh Saleh Danasasmita
Soft Cover, Maret 2014
Stock tidak tersedia
Dina ieu buku Saleh museurkeun tilikanana kana bubuk leutikna "intrik jeung barebedan pulitik" di sabudeureun karaton Galuh dina abad ka-7 jeung ka-8 Masehi. Nu maca diajak wawanohan jeung tokoh-tokoh sajarah rundayan Wretikandayun, putra bungsu Prabu Kandiawan nu nyakrawati di Medang Jati. Wretikandayun jumeneng raja ngagentos ramana dina taun 612 kalayan ngadegkeun karaton anyar nu katelah Galuh alias Permata. Demi Senapati Balangantrang, anu jadi puseur perhatian dina ieu buku, eta ...
24.
No Image Available
Dari Pentas Sejarah Sunda
Sangkuriang hingga Juanda
oleh Edi S. Ekadjati
Soft Cover, Maret 2014
Stock tidak tersedia
Buku Dari Pentas Sejarah Sunda: Sangkuriang hingga Juanda ini memaparkan kiprah sejumlah tokoh Sunda (termasuk yang terdapat di alam mitologis seperti Sangkuriang) dan lembaga yang didirikan oleh orang Sunda, serta perannya dalam kehidupan masyarakat Sunda khususnya dan bangsa Indonesia pada umumnya. Secara piawai dan dalam gaya bahasa populer, Prof. Dr. Edi S. Ekadjati mengkaji peran tokoh-tokoh Sunda dan lembaganya dari sudut pandang disiplin ilmu sejarah. Latar belakang waktunya mencakup ...
25.
Carita Budak Yatim oleh R. Hanapiah
Soft Cover, 2014 Rp. 32.000 Rp. 25.600 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
26.
No Image Available
Diarah Pati oleh Margasulaksana
Soft Cover, 2014 Rp. 49.000 Rp. 39.200 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Di antara leuwih ti sapuluh judul buku beunang Marga­sulak­sana, beunang disebutkeun Diarah Pati anu pangpunjul­na. Punjul dina katohagaan struktur carita­na, punjul dina gambaran ngeunaan perwatek tokoh-tokoh ka­tut kaayaan anu dica­ritakeunana, punjul dina kandelna deuih. Minangka carita mistéri anu mung­garan dina basa Sunda, Dia­rah Pati ogé némbongkeun ka­punjulna tina carita-carita mistéri pan­deu­ri­eunana. Nu ...
27.
Moal Dimumurah oleh I. Asikin
Soft Cover, 2014 Rp. 33.000 Rp. 26.400 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Dina ieu kumpulan carpon Moal Dimumurah, Ikin Asikin ngangkat rupa-rupa téma kahirupan pilem­buran jeung pasisian dumasar kana kondisi jamanna: mojang jeung bujang di jaman pen­dudukan Jepang (“Moal Dimumurah”), kasarakahan gegedén anu ngalantaran­keun papait keur rayat leutik dina mangsa cultuurstelsel-na  Walanda (“Lumpuhna Juragan Aria”); jal­ma-jalma golongan leu­tik kayaning supir (“Taluk”),  kuli, buruh jeung ...
28.
No Image Available
Geulang Koroncong oleh Holisoh M.E.
Soft Cover, 2014 Rp. 32.000 Rp. 25.600 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Holisoh, salah sahiji pangarang Sunda pangproduktifna, dina ieu kumpulan carpon (aya dua puluh), saperti dina dua romanna anu kungsi terbit (Katineung, 1998, jeung Kembang-kembang Petingan, 2002), nyaritakeun romantika jeung dina­mika kahirupan kulawarga, hubung­an ko­lot-anak—hususna tina sisi awéwé, kon­flik salaki-pamajikan, konflik jeung “in­trik” pa­pa­da awéwé hususna anu geus laki-rabi, konflik anu sakapeung rada ...
29.
No Image Available
Kasambet oleh Ahmad Bakri
Soft Cover, 2014
Stock tidak tersedia
Ngaliwatan carita-carita dina Kasambet (kumpulan episodeu kahirupan sapopoe Jang Udin, anak Juru-tulis desa jeung babaturanana), Ahmad Bakri mere atikan, pengajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tata krama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa kanu sangsara, hade tur akur jeung babaturanana, jeung sajabana. Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur-umur jadi guru, dina carita-caritana henteu karasa mapatahan atawa ...
30.
No Image Available
Kanyaah Kolot oleh Karna Yudibrata
Soft Cover, 2014
Stock tidak tersedia
Kumpulan carita pondok (carpon) Kanyaah Kolot ka­rangan Karna Yudibrata, sanajan ditulis taun 1960-an tur munggaran medal jadi buku taun 1985, dibaca deui taun 2014, topik jeung pasualan anu meulit dina diri tokoh-tokoh­na, angger ngagurilap. Lebah dieu unggulna sastra mun dibanding jeung tulisan wangun sejen, komo berita: tembus jaman. Sakumaha pada terang, teu sakabeh karya sastra sanggup nitih wanci ngalanglang jaman jeung guri­lap­­na, ngageterkeun rasa nitirkeun pikir. ...
31.
No Image Available
Pileuleuyan oleh Yus Rusamsi
Soft Cover, 2014 Rp. 16.000 Rp. 12.800 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Roman pondok Pileuleuyan nyarita­keun hiji guru awewe anu resep kana kurung-karang, sanajan hade rupa tapi hese meunangkeun jodo anu cop jeung lelembutanana. Kungsi bogoh ka hiji lalaki, tur lalakina bogoheun deuih ka maneh­na. Tapi lantaran bapana kalibet perkara ngajual barang-barang nagara, kabogohna ngarasa wirang, tuluy megat­keun hubungan jeung manehna. Si awewe tuluy papanggih jeung lalaki anu luyu jeung angen-angenna, nyaeta batur lawas nu geus jadi palukis. Ngan hanjakal ...
32.
No Image Available
Rasiah Kodeu Biner oleh Dadan Sutisna
Soft Cover, 2012
Stock tidak tersedia
33.
No Image Available
Bentang Pasantren oleh Usep Romli H.M.
Soft Cover, November 2011
Stock tidak tersedia
Bentang Pasantren nyaritakeun katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri jeung santri kahot sejenna. Ku katapisna dina nyusun ungkara anu direumbeuy ku humor jeung kekecapan has pasantren beunang nyutat tina Qur'an, hadis, jeung kitab lianna, ieu karya Usep Romli H.M. teh kaasup kana karya petingan anu milu ngabeung­har­an sastra Sunda. ...
34.
No Image Available
Rangga Malela oleh Olla S. Sumarnaputra
Soft Cover, 2011
Stock tidak tersedia
35.
No Image Available
Rajapati Di Pananjung oleh Ahmad Bakri
Soft Cover, November 2010
Stock tidak tersedia
Rajapati di Pananjung ngagambarkeun kajadian rajapati di tempat wisata Pananjung, Pangandaran, waktu aya rombongan para pamuda datang ka dinya. Yoyo, salah saurang di antarana, papanggih jeung urut kabogohna anu geus kawin jeung nu sejen. Waktu keur paduduaan, urut kabogohna teh mulangkeun ali nu dibikeun ku Yoyo ka manehna baheula. Eta ali ku Yoyo dibikeun deui ka kabogohna nu ayeuna ngilu piknik ka Pananjung. Tapi salaki urut kabogohna maksa menta deui eta ali nepi ka der jadi papaseaan. ...
36.
No Image Available
Cahaya Gumawang Dina Ati oleh Ningrum Djulaeha
Soft Cover, November 2010 Rp. 20.000 Rp. 16.000 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
Dina Cahaya Gumawang dina Ati, roman pondok beunang Ningrum Julaéha, digambarkeun kalayan tapis kaayaan batin awewe, anu ngarasa mangmang unggah ka bale nyungcung, asup kana kahirupan laki rabi. Lantaranana aya beja yen pisalakieunana nu satemenna mikacinta ka manehna tur dipikacinta ku manehna nikah ka si kuring teh henteu dumasar kana cinta tapi alasan kapaksa nohonan kahayang kolotna. Cek eta beja keneh, pisalakieunana geus boga kabogoh anyar nu leuwih geulis jeung leuwih pinter, ...
37.
No Image Available
Budak Teuneung oleh Samsoedi
Soft Cover, 2008
Stock tidak tersedia
38.
No Image Available
Puputon oleh Aam Amilia
Soft Cover Rp. 25.000 Rp. 20.000 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
39.
No Image Available
Carita Si Dirun oleh Samsoedi
Soft Cover Rp. 15.000 Rp. 12.000 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier
40.
No Image Available
Budak Motekar oleh Juniarso Ridwan
Soft Cover Rp. 12.000 Rp. 9.600 (20% OFF)
Stock di Gudang Supplier