Bentang Pasantren nyaritakeun katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri jeung santri kahot sejenna. Ku katapisna dina nyusun ungkara anu direumbeuy ku humor jeung kekecapan has pasantren beunang nyutat tina Qur'an, hadis, jeung kitab lianna, ieu karya Usep Romli H.M. teh kaasup kana karya petingan anu milu ngabeungharan sastra Sunda.