Kumpulan carita pondok (carpon) Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, sanajan ditulis taun 1960-an tur munggaran medal jadi buku taun 1985, dibaca deui taun 2014, topik jeung pasualan anu meulit dina diri tokoh-tokohna, angger ngagurilap. Lebah dieu unggulna sastra mun dibanding jeung tulisan wangun sejen, komo berita: tembus jaman. Sakumaha pada terang, teu sakabeh karya sastra sanggup nitih wanci ngalanglang jaman jeung gurilapna, ngageterkeun rasa nitirkeun pikir. Nu ngoléang siga kalakay tuluy ngabalaan pakarangan ge teu saeutik.
Buah alaeun tina dalapan carita pondok nu aya dina Kanyaah Kolot teh kawilang leubeut. Pangarang teu sakadar ancrub, tapi teuleum ngubek leuwi kahirupan. Pangarang teu sakadar ngulinkeun basa, tapi nyaksrak ngabedah rasa. Tina ngobet pasipatan manusa, pangarang nembrakkeun pasualan anu kawilang universal anu nyampak dina diri manusa.